Tampilkan postingan dengan label sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label sunda. Tampilkan semua postingan

20100823

Bahasa Inggrisna


Dikelas.....

Guru : Udin, Ari bahasa Inggrisna KEKESED naon ?
Udin : WELCOME Bu !
Guru : Naha kitu?
Udin : Nya, pan dina kekesed teh sok aya tulisan WELCOME, mani gede.
Guru : Atuh lamun kitu mah bahasa Inggrisna POM BENSIN oge ceuk maneh mah NO SMOKING nya?
Udin : Leres, bu
Guru : (bari nyentak).. Kahareup maneh




Sebelumnya <<< >>> Selanjutnya

Salingkuh Uncal jeung Maung

Di Hiji leuweung hirup indung Maung jeung anakna anu ngarana si Udin. Geus sababaraha poe eta maung teh teu manggih dahar lantaran keur musim halodo panjang jadi jarang aya sasatoan anu ngulampreng kadinya.


"Ma..Udin lapar" ceuk anak maung ka indungna

"Nya ke urang..." can ge beres nyarita, ti tukangeun kaluar uncal ti lebah eurih, singhoreng uncal jalu nu kabeneran liwat sarua keur lapareun.

"Ma itu uncal..udag ma Udin hayang daging uncal" anak maung rada ngagareuwahkeun indungna anu reuwaseun.

Indung maung teu talangke langsung luncat ngudag eta uncal.

Uncal anu leuwih leutik jeung lincah tibatan maung terus lumpat, ngan satarik tarikna ge sato nu geus nahan lapar jeung hawa panas, duanana beuki laun lumpatna, ngan sakadang uncal anu pinter manggih jalan, manehna lumpat ngaliwatan pager anu aya lolongkrang saeutik, maung bati ku nafsu newak uncal manehna muru uncal ngan..
dasar maung mah awakna gede jadi nyelap dina pager, teu bisa kaluar.

Kanyahoan maung teu bisa ojah, uncal nguriling balik deui. abong jalu sanajan uncal ge tetep we boga pikiran cabul jeung kriminal.

"Ah..bae sagalak-galaknana maung, da ari ti tukang mah angger we maung bikang" uncal ngomong sorangan.
geus kitumah maung teh diopi we ku si uncal. geus beres uncal terus lumpat deui bari heheotan..(ha...ha...haa)

Maung anu ngarasa reuwas jeung ..... saeutik nikmat (meureun) terus nyoba ngaleupaskeun diri tina pager,
geus bisa leupas maung balik deui ka anakna.

Si Udin anu nungguan nanyakeun "Ma...ma..kumaha SI UNCAL teh beunang teu? ...mana ma..udin lapar.."

Indung maung kadon jamutrut bari nyentak ka anakna " eh...ari maneh tong nyebut si Uncal , si PAPIH kituh!!!" bari ngaleos.





Saratus wae ah !!!!

Si Udin murid kelas Dua SD keur ngobrol jeung akina.

Udin : "Ki, Udin isuk bade ulangan Matematika. Upami kenging peunteun 10, Aki bade masihan naon ka Udin?"
Aki : "bade masihan artos saratus rebu..wae nya?"
Udin : "Alim ah saratus rebu mah, saratus wae Ki"
Aki : "Naha Din, kunaon?"
Udin : "Saratus rebu mah cape ngetangna.., Udin nembe diajar ngetang dugi ka saratus..."
Aki : ???!!?!!??!